Lyrics
Kantun jujuluk nu arum
Kari wawangi nu seungit
Nyebar mencar sa-pasundan
Nyambuang sa-Nusantara
Sari puspa wangi arum
Seungit manis ngadalingding
Sari sekar nyurup nitis
Kana sukma istri sunda
Teu ka gambar ku rumpaka,
Henteu kasanggi ku dangding
Manggahing jasa-jasana
Raden Dewi Sartika
Hirupna yitma rohani
Istri Sunda sadayana
Nya jasana raden Dewi
Ibu para istri Sunda
Mugi-mugi ka Yang Agung
Jasa-jasa Dewi Sartika
Teras nyebar teras mancar
Nyaangan nagara jaman
Jadi obor para ibu
Engoning ngatik para putra
Sangkan jadi warga guna
Nu ngajungjung lemah cai
Lyrics powered by www.musixmatch.com